Bulan puasa nu teu weleh dianti-anti ku sakurna urang islam tangtu ngabogaan makna nu agung, lain ngan saukur nahan lapar jeung hanaang tapi oge nahan hawa nafsu nu leuwih hese tibatan nahan lapar jeung hanaang nu tadi.
Hiji carita baheula, keur jaman leutik keneh mah kuring jeung babaturan di kampung lamun rek nyanghareupan bulan puasa teh pasti atoh kabina-bina jiga nu rek manggihan nanahaon wae. Sapoe saencan puasa, kuring jeung babaturan ka walungan niat na mah rek mandi beberesih dina raraga nyambut bulan anu suci, walungan teh baheula mah pinuh ku nu mandi beberesih da ari baheula mah cai walungan teh masih beresih.
Lamun inget keur jaman baheula, bulan puasa teh teu weleh rame ku dor dar na pepetasan, cing buricakna kembang api komo ari dulag mah teu weleh ngahias dina pasosore di bulan puasa, peutingna rame ku nu tarawehan sanggeus tarawehan barudak teh sok karumpul ngaramekeuin peuting keu pepetasan jeung kembang api, lamun ayeuna mah teu menang meureun nya nyeunguet pepetasan teh bisi ditewak polisi… hehehe
minggu kahiji dibulan ramadhan kuring jeung barudak masih sumanget ngajalankeun puasa, trus janjian rek ngabuburit ka alun-alun majalaya da baheula mah alun-alun majalaya teh ngenaheun teu kawas ayeuna rungseub pinuh ku pkl. Sanajan ti lembur ka alaun-alun jarakna aya kana 4 kilo meterna kuring jeung babaturan mah teu weleh sumanget da lamun geus nepi di alun-alun mah loba lalajoaneun timimiti video game jeung nu dagang boh dagang pakeun atawa kadaharan jeung lamun geus cape ulin dialun-alun teh bisa ngilu sare di masjid agung hareupeunana, pas rek balik pasosore tangtu teu poho kuring jeung babaturan meuli kadaharan keur buka puasa.
Minggu kadua sumanget puasa teh mimiti rada ngurangan, beuteung nu kukurubukan wae jeung tikoro nu asa geus garing teu weleh ngagoda. da lamun teu inget papatah nu jadi kolot mah geus bocor meureun pasa teh.
Hiji poe janjian jeung babaturan rek ulin ngabuburit ceunah mah, dasar keur bolon keneh ngabuburit puasa teh malah ka kebon jambu nu babaturan, ari karek datang mah teu kagoda ku jambu teh tapi lila-lila mah kuring jeung babaturan teh mulai kagoda… trus metik jambu hiji, ah pikir teh ari nyobaan saeutikmah teu batal meureun puasa na… maklum masih keneh bolon, tapi nu pasti mah pas datang ka imah mah teu weleh nyepeng beuteung jiga nu puasa.
Minggu katilu gogoda beuki gede pisan, lamun teu sieun ku kolot mah meureun puasa teh bocor unggal poe jeung kolot teh teu weleh nyingsieunan lamun puasa na bolong moal di pangmeulikeun baju anyar ceunah, sanajan beuteung kukurubukan puasa mah jalan terusss.
Minggi kaopat sumanget puasa naek deui dah tereh kaleubaran jeung nu pasti mah tereh balanja baju anyar, nyaa sanajan niat can bener da maklum baruda keneh tapi bulan puasa teu weleh dianti-anti ku kuring jeung babaturan jaman baheula mah… duka tah lamun ayeuna, barudak teh atoheun teu nya nyanghareupan bulan puasa teh.???